| 
 
 
 01 Seuweu Siwi Siliwangi *************************************************************************************************************************** 
 Kuring seuweu Siliwangi Rumasa tedak Pasundan Hirup nyandang kawajiban Karya nyata pangwangunan 
 Seuweu siwi Siliwangi Seuja bakti ka sasama Dadasarna Pancasila Jeung UUD opat lima 
 Para kanca generasi muda Hayu singkil pikeun jurit Hirup ulah kuma kuring Sing emut wangsit karuhun 
 Kuring tedak ti Pasundan Singkil jurit taya pamrih Pikeun ngeusi kamardikan Dina widang pangwangunan 
 Seuweu siwi Siliwangi Moal bakal jalir jangji Gilig ati tandon nyawa Ngabela nusa jeung bangsa 
 Para kanca generasi muda Kudu era kudu mikir Hirup ulah mangpang mengpeung Sing emut purwadaksina Caringin, Bogor, Tanpa Tanggal, 1986 
 
  | 
| 
  Copyright©soneta.org 2004   
  |