Engkas Kasmawinata 01 AMS Teh Imah Kuring 02 Sumerah Di Bumi Kawastu ***************************************************************************************************************************
Imah teh pangiuhan diri Tina nereptepna panon poe Tina gebretna cihujan
AMS teh imah kuring Tempat ngeusi tali batin Ngabina kakulawargaan AMS teh imah kuring Tempat pangiuhan hate Tempat nyarande mun lunges
AMS teh imah kuring Tempat pangauban jiwa Pangiuhan pangimpungan Panginditan pangbalikan Simpay sutra pamengkeut asih AMS teh imah kuring, sorga kuring Caringin, 15 Oktober 2001
Sakuriling bungking jempling, simpe Dewi Ratih rintih ngalirik bumi Nyawang buana, nyiram alam ku cahya gumebyar
Jauh………..ngaruggunuk gunung pangranggo Siga anu keur ngadago Remen-remen diharudum kekeben halimun Angin ngahiliwir ngagasir kakayon Arusik lir anu keur dzikir Sakedapan narawang mangsa katukang Hate bet nalangsa kawas beunang kuwiyasa Leng huleng ngaraga meneng Asa jauh panineungan
Didieu pernah ngadek Bumi Kawastu Ngaran anjeun keur kuring papaes hate Nyangkaruk na jero kalbu Kuring seja saestu Nyungkruk laku tapak deku Sang Prabu Turunkeuneun ka anak incu
Duh Gusti nu murbeng alam Abdi nyuuh sujud ka Gusti Naglungsar megat rembesan rahmat Ngabangingik nganti-nganti pangasih Mendeko ngantos-ngantos ridho azali Sila neda pangampura Cinagara, 25 Pebruari 2002
[Soneta Indonesia] – [Puisi Parakanca]
|
Copyright©soneta.org 2004
|